Sabtu, 01 Agustus 2015

LIRIK LAGU JURIG BUNTUT
VOCAL: DOEL SUMBANG


Budak gendut diuk dina karung huut
Dina sungut sambutut bari jeung hitut
Bulak balik nulis nomer kode buntut
Beuki lila eta kode beuki pabaliut

Dina otak hayang geura geura beunghar
Kaedanan ku jumlah hadiah besar
Disangkana maen judi bisa beunghar
Nu puguh mah balangsak nepi ka modar

REEF:
Jelma zaman kiwari hirupna ngimpi
Sok ngahontal nu puguh moal katepi
Sagala rupa hayang ngadadak jadi
Embung cape halal haram teu paduli

Omong kosong maen judi bisa beunghar
Loba bukti harta beak lengkah sasar
Mun geus nyandu sirah jangar asa bencar
Zaman susah cilaka ulah disiar




NOTE:
Lagu ieu khusus didedikasikeun pikeun jelma jelma nu sok marasang togel.
Sanea kuring anti tur fanatik,tapi sakapeung kuring sok hariwang mun nempo nu keur ngarecak togel,nepi ka ngotot ngotot rumasa nomerna nu paling hade,,parea rea omong pokona mah lah.
Urang teh kudu nyadar. Gusti ALLAH nyiptakeun sungut ngan hiji tapi nyiptakeun ramo sapuluh, hartina jadi jelema kudu loba gawena ti batan ngomongna.
Kumargi kitu, hayu urang lobakeun gawe t batan ngomong....amiiiin

2 komentar: